Yasana : Kang Ibing
Nyi Icih keur moé-moékeun seuseuhan. Jang Kéméd rék indit ngabéca
Jang Kéméd : “Icih, aing
rék ngabéca. Bisi aya nu nanyakeun, béjakeun keur dines. Kadé ati-ati di imah
....!”
Nyi Icih :
“Heueuh jung .... Kadé balikna tong beurang teuing. Aing butuh duit!”
Jang Kéméd : “Heueuh. Geus
meunang duit mah aing gé balik. Kumaha milik wé.”
Nyi Icih : “Lain
kumaha milik ... kumaha milik! Ulah jiga kamari, balik teu mawa duit
sapérak-pérak acan. Lieur aing mah ....!
Jang Kéméd : “Heueuh da
kamari mah muatanana gé euweuh! Ti isuk jedur aing nungguan muatan, euweuh saurang-urang
acan. Aya éta gé saurang, teu ditarik ku aing mah. Jelema teu gableg pikiran.
Teu kira-kira tuda, ngan ukur rék méré 20 rébu!”
Nyi Icih :
“Euleuh-euleuh 20 rébu teu ditarik? Na sia téh olo-olo teuing!
Jang Kéméd : “Lain olo-olo!
Da jauh deuleu ... ka Surabaya! Bisa waé ku aing ditarik, ngan balik
ngabéca—bisa-bisa suku aing tinggal sajeungkal ....!”
Nyi Icih : “Dasar
jelema weureu sia mah. Diajak nyarita sabener-bener—kalah ngacapruk ka mana
waé. Ieuh, lain heureuy Kéméd ... aing mah nyaan butuh duit!”
Jang Kéméd : “Beu ... teu kaharti
aing mah. Ti mimiti ku aing dikawin, nepi ka ayeuna, anger wé sia mah butuh ku
duit. Dasar teu insap-insap!”
Nyi Icih :
“Aéh-aéh éta si jurig! Ieuh Kéméd! Aing mah ménta duit téh keur mayar hutang.
Da sia mah teu nyaho, nu nagih hutang mani rabul. Éra deuleu!”
Jang Kéméd : “Ah, naha maké
éra. Alus deuleu jelema loba hutang mah, cirina loba nu mercaya!”
Nyi Icih : “ Nyao
ah! Dasar sia mah jelema teu boga kaéra. Kandel kulit beungeut!
Jang Kéméd : “Alus gé
kandel kulit beungeut. Tibatan kulit beungeut ipis ... disibeungeutan dua kali
gé béak beungeut aing, tinggal rorongkong ....!
Nyi Icih : “Emhh,
tobat aing mah ....!
Jang Kéméd : “Aing nu tobat
mah. Kakara gé rék indit nambangan, geus riweuh ku urusan nu nagih hutang ....”
Nyi Icih : “Ari
embung ditagih mah—naha atuh sia sok unjak-anjuk?”
Jang Kéméd : “Da aing mah
nganjuk sotéh bakat ku butuh deuleu, lain hayang ditagih. Kabina-bina teuing
jelema téh. Jaba nganjukeun jaba nagih. Teu gableg kaéra ....”
Nyi Icih :
“Aéh-aéh ... sia téh lieur, Kéméd?”
Jang Kéméd : “Atuda enya,
asa kabina-bina teuing aing mah. Unggal rék indit ngabéca, kudu wé ribut heula
soal hutang. Jadi lieur aing mah. Saha waé nu nagih hutang téh Icih?”
Nyi Icih : “Loba!
Si Ocim, Kang Rustam, Aki Oji, Ceu Kénoh. Malah Aki Oji mah ngabring jeung
anak-incuna nagihna téh ... da ku sia dianjukan kabéh!”
Jang Kéméd : “Emh! Geus
kieu wéh icih: sakur nu nagih datangan ku sia. Béjaan kabéh ... isuk
pabeubeurang ... didagoan ku aing di dieu!”
Nyi Icih : “Tah
kitu atuh. Éta ngarana lalaki tanggung jawab. Jadi, isukan rék dibayar kabéh,
nyah?”
Jang Kéméd : “Lain! Aing
rék ngamuk! Saksian ku sia, aing rék berjuang dirempug nu nagih. Tempo ké
hasilna: naha aing nu gugur atawa nu nagih nu ngagolér.”
Nyi Icih :
“aéh-aéh kalah ngacapruk! Cik atuh da sia téh lalaki, Kéméd. Mikir atuh ...
usaha!”
Jang Kéméd : “Heueuh ieu gé
kapan aing rék usaha. Rék ngabéca! Ngan ku sia diajak paséa.”
Nyi Icih :
“Maksud aing mah néangan usaha séjén. Ulah ngandelkeun tina ngabéca wungkul.
Kana naon wé. Kawas batur mélaan anak-pamajikan téh—nepi ka tohtohan banting
tulang!”
Jang Kéméd : “Oh ... jadi
aing téh kudu banting tulang? Heug! Kumpulkeun ku sia tulang-tulang sing loba.
Ku aing rék diabanting-banting. Saksian ku sia, ngarah kadeuleu enya-enya yén
aing banting tulang!”
Nyi Icih :
“Gandéng jurig ...! Ari sia rék iraha balégna jadi jelema téh?”
Jang Kéméd : “Atuda lieur
aing mah!”
Nyi Icih : “aing
nu lieur mah. Bigung kumaha mayaran hutang!”
Jang Kéméd : “Lah, naha
maké bingung-bingung teuing. Soal mayar hutang mah teu kudu jadi pikiran. Tuh
Si Omod, tatangga urang. Kamari manéhna kakara ngajual motor, payu opat juta
satengah.”
Nyi Icih : “Terus
kumaha?”
Jang Kéméd : “Na, maké
kumaha? Antep wé, motor ... motor manéhna. Dijual ku manéhna. Rék naon urang
kudu pipilueun? Éra deuleu ... sing mikir atuh ....!”
Nyi Icih : “Emhh
... tobat Gusti ... batur gé seueur nu gaduh salaki ka tukang béca, tapi da teu
aya nu wureu siga salaki abdi. Mugi-mugi abdi dipasihan kakiatan!”
Jang Kéméd : “Geus Icih ...
aing rék nambangan!”
Nyi Icih : “Jung
waé sia ah!”
Jang Kéméd ngaléos, Nyi Icih
ngaheruk ngomong sorangan
Nyi Icih : “Emh
... kieu rasana ari jadi jelema leutik. Diudag-udag kasusah. Cik atuh
parapamingpin sing enyaan mélaan rakyat leutik téh. Ulah paribasana wé mélaan
rakyat leutik, ari nu sarenang nu di luhur wungkul ....”
Jang Kéméd asup deui
Jang Kéméd : “Icih! Enyaan
ieu mah dodoja téh, lamun kurang-kurangna kuat iman mah—aing téh bisa gélo
ngadadak.”
Nyi Icih : “Aya naon ... cenah rék ngabéca?”
Jang Kéméd : “Ngabéca ...
ngabéca bebengok manéh! Rék kumaha aing ngabéca ... sadel bécana euweuh! Aya nu
ngalaan. Saha mahlukna nu teu gableg rarasaan téh nya!”
Nyi Icih : “Si
Uju nu ngabongkar sadel béca mah!”
Jang Kéméd : “Si Uju?”
Nyi Icih : “Enya.
Dititah ku aing!”
Jang Kéméd : “Astagpirullah
.... Emh tobaaat Gusti ... batur gé seueur nu gaduh bojo, tapi da teu aya nu
weureu siga pun bojo. Mugi-mugi abdi dipasihan kakiatan. Ari sia éling henteu
Icih ... nanaonan nitah ngalaan sadel béca ... dikamanakeun ayeuna sadelna?!”
Nyi Icih : “Ah,
da aing mah kapépéd. Butuh duit. Dijual ka tukang loak—genep rébu! Si Uju ku aing
dibéré sarébu.”
Jang Kéméd : “Emh ...
tobaaat déwa! Cik atuh Icih ... kabina-bina teuing sia téh ....!”
Nyi Icih : “Lain
kabina-bina teuing. Na sia teu nyaho—aing butuh duit keur bayaran sakola budak!
Aing narima surat ti sakolana—Si Otong téh geus tilu bulan can bayaran.”
Jang Kéméd : “Heueuh ulah
ngagugu teuing kahayang ti sakolan atuh! Ieuh, budak sakola téh capé. Ti imah
kudu leumpang, datang ka sakola kudu diajar, kudu ngapalkeun, kudu ujian. Geus
sakitu capéna téh hayoh deuih kudu mayar. Kuduna mah dibébaskeun barudak téh
tina biaya pendidikan, ari hayang maju mah!”
Nyi Icih : “Nyao
ah!”
Jang Kéméd : “Atuda enyaan.
Kahayang téh urusan bayaran sakola budak mah teu kudu nepi ka ngajual sadel.
Cik atuh da sia téh kolot. Sing bijaksana ...!”
Nyi Icih :
“Bijaksana ... bijaksana nanahaon! Ari teu bayaran mah—Si Otong bisa
dieureunkeun ti sakolana deuleu!”
Jang Kéméd : “Heueuh ...
matak naon si datang ka sakola Si Otong. Ngadep ka guruna! Pok nyarita ‘Bapa
... kana sagala pelajaran anu tos dipasihkeun ka pun anak—abdi ngahaturkeun
rébu nuhun. Abdi mah moal tiasa males budi ku bayaran sakola. Anging Gusti nu
tiasa ngawales mah ....!”
Nyi Icih : “Emh
nu burung .... Ieuh jurig! Ari sakira-kirana embung tanggung jawab mah—naha
atuh sia téh bet boga budak?”
Jang Kéméd : “Haaar ...
soal budak mah lain salah aing! Aing mah lalaki!”
Nyi Icih :
“Euleuh ... euleuh .... Jadi salah aing nyah?!”
Jang Kéméd : “Nya heueuh!
Boga budak mah salah awéwé deuleu! Tempo wé asal-usul budak. Kapan asalna mah
ti sia. Aing mah lalaki ... ngan sakadar usul.”
Nyi Icih : “Nyao
ah!”
Jang Kéméd : “Atuda kesel
aing mah. Geus atuh kira-kira teu kabiayaan mah sina eureun heula
sakolana—budak téh. Ké geus boga duit—sina sakola deui.”
Nyi Icih :
“Weueueuh ... diengké-engké mah kaburu kolot teuing budakna gé. Meungpeung
ngora deuleu sakola mah. Geus kaburu kolot mah boro-boro bisa diajar.”
Jang Kéméd : “Ah teu kitu
... soal nungtut élmu mah teu diwatesanan ku umur deuleu. Ari sumangetna gedé
mah—kajeun geus kolot gé bisa waé. Tuh buktina Abah Uca. Umur geus 70 taun. Ari
sumangetna ngedur kénéh mah ... teu burung wé ... boga budak.”
Nyi Icih : “Eéh
... aéh .... Sugan lain jelema sia mah, jurig!”
Jang Kéméd : “Is ... teu
bisa, Icih! Di mana aya jurig ngabéca ....!”
Nyi Icih :
“Gandéng Kéméd! Ieuh maksud aing mah ... peupeuriheun aing teu bisa maca ... buta héjo ....”
Jang Kéméd : “Lain buta
héjo ... buta hurup kituh!”
Nyi Icih : “Heueuh
éta maksud aing gé buta hurup! Cik atuh ... anak mah hayang sakola. Mun bisa
mah kawas anak batur ... nepi ka lulus ... nepi ka boga ijabah ....!”
Jang Kéméd : “Lain ijabah
atuh ... ijasah!”
Nyi Icih : “Lah,
sarua wé nyabutna mah. Rék ijabah rék ijasah, éta mah kumaha kaiklasan urang.”
Jang Kéméd : “Nya ... da
sia nu ngacapruk mah lain aing ....!”
Nyi Icih :
“Keuheul atuda aing mah. Komo lamun kawas batur nyakolakeun budak téh nepi ka
sakola luhur. Nepi ka jadi sujana.”
Jang Kéméd : “Eleuh ...
euleuh éta Si Icih ....”
Nyi Icih :
“Keuheul aing mah ... geus siah Kéméd indit! Indit siah! Ngabéca!”
Jang Kéméd : “Éta ku
keukeuh ... abdi mah teu ngartos. Ari émutan Icih téh kumaha? Badé ngabéca
kumaha atuh ... kapanan sadel bécana ogé parantos diical ku bebengok salira.”
Nyi Icih : “Atuh
teu janten masalah, Kang ... sadel béca teu aya mah gentos waé ku jojodog.”
Jang Kéméd : “Éta émutan
dugikeun ka dinya. Ngabéca nganggé jojodog? Kacipta meureun ... kayungyun ...
abdi disarebat nu gélo ku batur ... tukang béca gélo.”
Nyi Icah : “Atuh
kumaha Kang upami anu diical téh ulah sadel bécana wungkul ... sakantenan wé
sareng bécana. Margi abdi butuh kanggo mayar hutang tilas sia.”
Jang Kéméd : “Tiasa waé,
namung upami bécana teu aya—naha abdi kedah narik penumpang nganggé naon? Naha
kedah di gagandong? Kinten-kintena Ayi Icih téga neuleu aing ngagagandong
penumpang ka ditu ka dieu?”
Nyi Icih :
“Gandéng siah Kéméd. Kacida boga salaki téh. Dasar sia mah jelema atah adol ...
keur beungeut siga panakol bedug téh ....”
Jang Kéméd : “Éééh ... éta beungeut salaki
disaruakeun jeung panakol bedug.”
Nyi Icih : “Da enya siah ....!”
Jang Kéméd : “Heug ... tapi inget icih, lamun
beungeut aing siga panakol bedug—sia bedugna. Atuh mun kitu mah Si Otong téh
hasil ngadulag?”
Nyi Icih : “Sia ngomong téh ka mana waé .... Ieuh, nyaho aing
téh keur susah!”
Jang Kéméd : “Heueuh montong mikiran waé kasusah.
Bangblaskeun! Sing janglar! Tuh kawas babaturan aing, Si Sahro. Sangsarana
leuwih ti urang. Budak reuay salima-lima. Hutang saabreg-abreg. Tapi jelemana
teu nguluwut. Gumbira wé ka ditu ka dieu ogé teu weléh seuri. Nyaho nyaho maot
wéh TBC.”
Nyi Icih : “Astagpirullahaladim ... ieuh, pangpangna anu jadi
pikiran aing téh Si Otong. Lamunnepikeun ka Si Otong dieureunkeun sakolana, rék
kumaha budak téh ka hareupna!”
....................................................................................................
TEKS SELANJUTNYA MANA?
ReplyDeleteTEKS SELANJUTNYA MANA?
ReplyDeleteTeks nu sanesna kang
ReplyDeleteTeks nu sanesna kang
ReplyDeletekenalan yuk
ReplyDeleteTena dri cerita diatas apa ya??
ReplyDeleteKenapa gak kumplit tex nya?
ReplyDeleteMana
ReplyDeleteTek selanjutnya ?
ReplyDeleteThis comment has been removed by the author.
ReplyDeletebengeut sia hurung
ReplyDeletefollow ig @rzkyrmdhh_
ReplyDeleteTERIMAKASIH ATAS TUGAS NYA
ReplyDeleteGAIZKA 12 MM2 HADIR
ReplyDelete