Friday, April 18, 2014

Juragan Hajat



Yasana: Kang Ibing

Nyi Icih keur moé-moékeun seuseuhan. Jang Kéméd rék indit ngabéca
Jang Kéméd       : “Icih, aing rék ngabéca. Bisi aya nu nanyakeun, béjakeun keur dines. Kadé ati-ati di imah ....!”
Nyi Icih                 : “Heueuh jung .... Kadé balikna tong beurang teuing. Aing butuh duit!”
Jang Kéméd       : “Heueuh. Geus meunang duit mah aing gé balik. Kumaha milik wé.”
Nyi Icih                 : “Lain kumaha milik ... kumaha milik! Ulah jiga kamari, balik teu mawa duit sapérak-pérak acan. Lieur aing mah ....!
Jang Kéméd       : “Heueuh da kamari mah muatanana gé euweuh! Ti isuk jedur aing nungguan muatan, euweuh saurang-urang acan. Aya éta gé saurang, teu ditarik ku aing mah. Jelema teu gableg pikiran. Teu kira-kira tuda, ngan ukur rék méré 20 rébu!”
Nyi Icih                 : “Euleuh-euleuh 20 rébu teu ditarik? Na sia téh olo-olo teuing!
Jang Kéméd       : “Lain olo-olo! Da jauh deuleu ... ka Surabaya! Bisa waé ku aing ditarik, ngan balik ngabéca—bisa-bisa suku aing tinggal sajeungkal ....!”
Nyi Icih                 : “Dasar jelema weureu sia mah. Diajak nyarita sabener-bener—kalah ngacapruk ka mana waé. Ieuh, lain heureuy Kéméd ... aing mah nyaan butuh duit!”
Jang Kéméd       : “Beu ... teu kaharti aing mah. Ti mimiti ku aing dikawin, nepi ka ayeuna, anger wé sia mah butuh ku duit. Dasar teu insap-insap!”
Nyi Icih                 : “Aéh-aéh éta si jurig! Ieuh Kéméd! Aing mah ménta duit téh keur mayar hutang. Da sia mah teu nyaho, nu nagih hutang mani rabul. Éra deuleu!”
Jang Kéméd       : “Ah, naha maké éra. Alus deuleu jelema loba hutang mah, cirina loba nu mercaya!”
Nyi Icih                 : “ Nyao ah! Dasar sia mah jelema teu boga kaéra. Kandel kulit beungeut!
Jang Kéméd       : “Alus gé kandel kulit beungeut. Tibatan kulit beungeut ipis ... disibeungeutan dua kali gé béak beungeut aing, tinggal rorongkong ....!
Nyi Icih                 : “Emhh, tobat aing mah ....!
Jang Kéméd       : “Aing nu tobat mah. Kakara gé rék indit nambangan, geus riweuh ku urusan nu nagih hutang ....”
Nyi Icih                 : “Ari embung ditagih mah—naha atuh sia sok unjak-anjuk?”
Jang Kéméd       : “Da aing mah nganjuk sotéh bakat ku butuh deuleu, lain hayang ditagih. Kabina-bina teuing jelema téh. Jaba nganjukeun jaba nagih. Teu gableg kaéra ....”
Nyi Icih                 : “Aéh-aéh ... sia téh lieur, Kéméd?”
Jang Kéméd       : “Atuda enya, asa kabina-bina teuing aing mah. Unggal rék indit ngabéca, kudu wé ribut heula soal hutang. Jadi lieur aing mah. Saha waé nu nagih hutang téh Icih?”
Nyi Icih                 : “Loba! Si Ocim, Kang Rustam, Aki Oji, Ceu Kénoh. Malah Aki Oji mah ngabring jeung anak-incuna nagihna téh ... da ku sia dianjukan kabéh!”
Jang Kéméd       : “Emh! Geus kieu wéh icih: sakur nu nagih datangan ku sia. Béjaan kabéh ... isuk pabeubeurang ... didagoan ku aing di dieu!”
Nyi Icih                 : “Tah kitu atuh. Éta ngarana lalaki tanggung jawab. Jadi, isukan rék dibayar kabéh, nyah?”
Jang Kéméd       : “Lain! Aing rék ngamuk! Saksian ku sia, aing rék berjuang dirempug nu nagih. Tempo ké hasilna: naha aing nu gugur atawa nu nagih nu ngagolér.”
Nyi Icih                 : “aéh-aéh kalah ngacapruk! Cik atuh da sia téh lalaki, Kéméd. Mikir atuh ... usaha!”
Jang Kéméd       : “Heueuh ieu gé kapan aing rék usaha. Rék ngabéca! Ngan ku sia diajak paséa.”
Nyi Icih                 : “Maksud aing mah néangan usaha séjén. Ulah ngandelkeun tina ngabéca wungkul. Kana naon wé. Kawas batur mélaan anak-pamajikan téh—nepi ka tohtohan banting tulang!”
Jang Kéméd       : “Oh ... jadi aing téh kudu banting tulang? Heug! Kumpulkeun ku sia tulang-tulang sing loba. Ku aing rék diabanting-banting. Saksian ku sia, ngarah kadeuleu enya-enya yén aing banting tulang!”
Nyi Icih                 : “Gandéng jurig ...! Ari sia rék iraha balégna jadi jelema téh?”
Jang Kéméd       : “Atuda lieur aing mah!”
Nyi Icih                 : “aing nu lieur mah. Bigung kumaha mayaran hutang!”
Jang Kéméd       : “Lah, naha maké bingung-bingung teuing. Soal mayar hutang mah teu kudu jadi pikiran. Tuh Si Omod, tatangga urang. Kamari manéhna kakara ngajual motor, payu opat juta satengah.”
Nyi Icih                 : “Terus kumaha?”
Jang Kéméd       : “Na, maké kumaha? Antep wé, motor ... motor manéhna. Dijual ku manéhna. Rék naon urang kudu pipilueun? Éra deuleu ... sing mikir atuh ....!”
Nyi Icih                 : “Emhh ... tobat Gusti ... batur gé seueur nu gaduh salaki ka tukang béca, tapi da teu aya nu wureu siga salaki abdi. Mugi-mugi abdi dipasihan kakiatan!”
Jang Kéméd       : “Geus Icih ... aing rék nambangan!”
Nyi Icih                 : “Jung waé sia ah!”



Jang Kéméd ngaléos, Nyi Icih ngaheruk ngomong sorangan
Nyi Icih                 : “Emh ... kieu rasana ari jadi jelema leutik. Diudag-udag kasusah. Cik atuh parapamingpin sing enyaan mélaan rakyat leutik téh. Ulah paribasana wé mélaan rakyat leutik, ari nu sarenang nu di luhur wungkul ....”

Jang Kéméd asup deui
Jang Kéméd       : “Icih! Enyaan ieu mah dodoja téh, lamun kurang-kurangna kuat iman mah—aing téh bisa gélo ngadadak.”
Nyi Icih                 :  “Aya naon ... cenah rék ngabéca?”
Jang Kéméd       : “Ngabéca ... ngabéca bebengok manéh! Rék kumaha aing ngabéca ... sadel bécana euweuh! Aya nu ngalaan. Saha mahlukna nu teu gableg rarasaan téh nya!”
Nyi Icih                 : “Si Uju nu ngabongkar sadel béca mah!”
Jang Kéméd       : “Si Uju?”
Nyi Icih                 : “Enya. Dititah ku aing!”
Jang Kéméd       : “Astagpirullah .... Emh tobaaat Gusti ... batur gé seueur nu gaduh bojo, tapi da teu aya nu weureu siga pun bojo. Mugi-mugi abdi dipasihan kakiatan. Ari sia éling henteu Icih ... nanaonan nitah ngalaan sadel béca ... dikamanakeun ayeuna sadelna?!”
Nyi Icih                 : “Ah, da aing mah kapépéd. Butuh duit. Dijual ka tukang loak—genep rébu! Si Uju ku aing dibéré sarébu.”
Jang Kéméd       : “Emh ... tobaaat déwa! Cik atuh Icih ... kabina-bina teuing sia téh ....!”
Nyi Icih                 : “Lain kabina-bina teuing. Na sia teu nyaho—aing butuh duit keur bayaran sakola budak! Aing narima surat ti sakolana—Si Otong téh geus tilu bulan can bayaran.”
Jang Kéméd       : “Heueuh ulah ngagugu teuing kahayang ti sakolan atuh! Ieuh, budak sakola téh capé. Ti imah kudu leumpang, datang ka sakola kudu diajar, kudu ngapalkeun, kudu ujian. Geus sakitu capéna téh hayoh deuih kudu mayar. Kuduna mah dibébaskeun barudak téh tina biaya pendidikan, ari hayang maju mah!”
Nyi Icih                 : “Nyao ah!”
Jang Kéméd       : “Atuda enyaan. Kahayang téh urusan bayaran sakola budak mah teu kudu nepi ka ngajual sadel. Cik atuh da sia téh kolot. Sing bijaksana ...!”
Nyi Icih                 : “Bijaksana ... bijaksana nanahaon! Ari teu bayaran mah—Si Otong bisa dieureunkeun ti sakolana deuleu!”
Jang Kéméd       : “Heueuh ... matak naon si datang ka sakola Si Otong. Ngadep ka guruna! Pok nyarita ‘Bapa ... kana sagala pelajaran anu tos dipasihkeun ka pun anak—abdi ngahaturkeun rébu nuhun. Abdi mah moal tiasa males budi ku bayaran sakola. Anging Gusti nu tiasa ngawales mah ....!”
Nyi Icih                 : “Emh nu burung .... Ieuh jurig! Ari sakira-kirana embung tanggung jawab mah—naha atuh sia téh bet boga budak?”
Jang Kéméd       : “Haaar ... soal budak mah lain salah aing! Aing mah lalaki!”
Nyi Icih                 : “Euleuh ... euleuh .... Jadi salah aing nyah?!”
Jang Kéméd       : “Nya heueuh! Boga budak mah salah awéwé deuleu! Tempo wé asal-usul budak. Kapan asalna mah ti sia. Aing mah lalaki ... ngan sakadar usul.”
Nyi Icih                 : “Nyao ah!”
Jang Kéméd       : “Atuda kesel aing mah. Geus atuh kira-kira teu kabiayaan mah sina eureun heula sakolana—budak téh. Ké geus boga duit—sina sakola deui.”
Nyi Icih                 : “Weueueuh ... diengké-engké mah kaburu kolot teuing budakna gé. Meungpeung ngora deuleu sakola mah. Geus kaburu kolot mah boro-boro bisa diajar.”
Jang Kéméd       : “Ah teu kitu ... soal nungtut élmu mah teu diwatesanan ku umur deuleu. Ari sumangetna gedé mah—kajeun geus kolot gé bisa waé. Tuh buktina Abah Uca. Umur geus 70 taun. Ari sumangetna ngedur kénéh mah ... teu burung wé ... boga budak.”
Nyi Icih                 : “Eéh ... aéh .... Sugan lain jelema sia mah, jurig!”
Jang Kéméd       : “Is ... teu bisa, Icih! Di mana aya jurig ngabéca ....!”
Nyi Icih                 : “Gandéng Kéméd! Ieuh maksud aing mah ... peupeuriheun aing teu bisa maca ...  buta héjo ....”
Jang Kéméd       : “Lain buta héjo ... buta hurup kituh!”
Nyi Icih                 : “Heueuh éta maksud aing gé buta hurup! Cik atuh ... anak mah hayang sakola. Mun bisa mah kawas anak batur ... nepi ka lulus ... nepi ka boga ijabah ....!”
Jang Kéméd       : “Lain ijabah atuh ... ijasah!”
Nyi Icih                 : “Lah, sarua wé nyabutna mah. Rék ijabah rék ijasah, éta mah kumaha kaiklasan urang.”
Jang Kéméd       : “Nya ... da sia nu ngacapruk mah lain aing ....!”
Nyi Icih                 : “Keuheul atuda aing mah. Komo lamun kawas batur nyakolakeun budak téh nepi ka sakola luhur. Nepi ka jadi sujana.”
Jang Kéméd       : “Eleuh ... euleuh éta Si Icih ....”
Nyi Icih                 : “Keuheul aing mah ... geus siah Kéméd indit! Indit siah! Ngabéca!”
Jang Kéméd       : “Éta ku keukeuh ... abdi mah teu ngartos. Ari émutan Icih téh kumaha? Badé ngabéca kumaha atuh ... kapanan sadel bécana ogé parantos diical ku bebengok salira.”
Nyi Icih                 : “Atuh teu janten masalah, Kang ... sadel béca teu aya mah gentos waé ku jojodog.”
Jang Kéméd       : “Éta émutan dugikeun ka dinya. Ngabéca nganggé jojodog? Kacipta meureun ... kayungyun ... abdi disarebat nu gélo ku batur ... tukang béca gélo.”
Nyi Icah                : “Atuh kumaha Kang upami anu diical téh ulah sadel bécana wungkul ... sakantenan wé sareng bécana. Margi abdi butuh kanggo mayar hutang tilas sia.”
Jang Kéméd       : “Tiasa waé, namung upami bécana teu aya—naha abdi kedah narik penumpang nganggé naon? Naha kedah di gagandong? Kinten-kintena Ayi Icih téga neuleu aing ngagagandong penumpang ka ditu ka dieu?”
Nyi Icih                 : “Gandéng siah Kéméd. Kacida boga salaki téh. Dasar sia mah jelema atah adol ... keur beungeut siga panakol bedug téh ....”
Jang Kéméd       : “Éééh ... éta beungeut salaki disaruakeun jeung panakol bedug.”
Nyi Icih                 : “Da enya siah ....!”
Jang Kéméd       : “Heug ... tapi inget icih, lamun beungeut aing siga panakol bedug—sia bedugna. Atuh mun kitu mah Si Otong téh hasil ngadulag?”
Nyi Icih                 : “Sia ngomong téh ka mana waé .... Ieuh, nyaho aing téh keur susah!”
Jang Kéméd       : “Heueuh montong mikiran waé kasusah. Bangblaskeun! Sing janglar! Tuh kawas babaturan aing, Si Sahro. Sangsarana leuwih ti urang. Budak reuay salima-lima. Hutang saabreg-abreg. Tapi jelemana teu nguluwut. Gumbira wé ka ditu ka dieu ogé teu weléh seuri. Nyaho nyaho maot wéh TBC.”
Nyi Icih                 : “Astagpirullahaladim ... ieuh, pangpangna anu jadi pikiran aing téh Si Otong. Lamunnepikeun ka Si Otong dieureunkeun sakolana, rék kumaha budak téh ka hareupna!”
....................................................................................................

1 comment:

  1. Tithlon Tighter - Tito Titanium-arts.com
    Tithlon Tighter is a lightweight titanium-art device, created to provide users with the same experience as titanium density a 2020 ford ecosport titanium regular T-Shirt. Rating: titanium iv chloride 5 titanium framing hammer · ‎7 reviews · ‎$24.99 polished titanium · ‎In stock

    ReplyDelete