Friday, January 1, 2016

Ulin Ka Guha Jatijajar: Tapak Pajajaran di Jawa Tengah

Basa Sunda | Bahasa Indonesia

Ieu pangalalaman téh sabenerna mah geus liwat ti sawawatara bulan ka tukang. harita téh bulan Agustus 2015 kuring meunang kasempetan pikeun anu mimiti kaluar ti Tanah Pasundan. Aslina pangalaman anu mimiti ieu téh, salila ieu lalampahan kuring teu jauh ti Garut-Bandung, paling jauh nya ka Dépok. Kungsi kétang éta ogé dina taun 2007 ulin ka Desa Kanékés di Banten, tapi pan éta masih di wewengkon Pasundan kabéh--anu budayana masih kénéh bisa dipikawanoh ku kuring minangka urang Sunda. Mémang dina lebah lalampahan téh kuring rumasa kurung batok hehe ….

Kasempetan kuring mimiti kaluar ti Tanah Pasundan téh bareng jeung mangsa cuti babaturan kuring anu asli Kebumen. Asa rék meuntas dipapag cukang; lir ibarat monyét rék naék dibéré tarajé, keur mah eukeur kuring téh geus lila hayang nyaho wewengkon Wétan (Jawa) kari-kari ayeuna aya nu ngajak, nya  tangtu waé kuring teu bisa nampik kana éta tawaran. Di tambah deuih harita téh asa lalugina dina waktu, sabab harita kuring karék eureun tina gawé alatan bedona KurTiLas téa.

Indit ti Bandung poé Jumaah, 07 Agustus 2015 numpak Kareta Api Kutojoyo Selatan ti Stasiun Kiaracondong. Basa karéta mimiti ngageuleuyeung, jam dina telepon keupeul nuduhkeun angka 21.00, nya geus tangtu peuting. Dina waktu sarupa kitu kuring teu bisa nyaksian kalawan écés kaayaan patempatan-patempatan anu kasorang—iwal ti remeng-remeng lampu pasisian kota jeung stasiun-stasiun anu kasorang. Nu nambahan sué, kuring mah teu biasa jeung teu bisa saré nalika numpak kandaraan, akibatna, poé isukna kuring nundutan sapoé jeput.

Karéta nu ditumpakan ku kuring nepi di statsion Kebumen dina pukul 4.02 subuh, tuluy—kalawan numpak kandaraan anu kawilang ahéng, nyaéta béca motor—kuring jeung babaturan nuluykeun lalampahan ka imah babaturan anu perenahna teu jauh ti Tugu Lawét, kurang leuwih lima menit di jalanna.

Waktu masih kénéh subuh, tapi kolotna babaturan kuring geus harudang, sajaba ti geus deukeut kana waktu salat, ogé alatan dina éta subuh—anakna balik ti panyabaan. Kolotna babaturan ngabagéakeun kalawan soméah, kitu ogé sakumna dulur-dulur anu darumuk di sabudeureun imahna.

Dina sajeroning saminggu di ieu kota anu boga jujuluk Kota Lawét(walét) lumayan loba pengalaman anu bisa katangkep ku pancadria kuring, kayaning lalajo pagelaran wayang kulit Ki Enthus Susmono dina raraga purnatugas Bupati Kebumen, mun teu salah mah Buyar Winarso—di alun-alun Kebumen, nyaksian kumaha cara nyieun saringan paragi nyortir siki ganitri anu kiwari mingkin popilér, nyaksian anu nyieun iimahan nu biasa dipaké dina ranggeuyan upacara kapatian warga katurunan Cina, ulin ka Basisir Setrojenar atawa anu leuwih popilér ku sebutan Pantai Bocor, jeung ulin ka Guha Jatijajar.

Di antara éta pirang-pirang pangalama, nya Guha Jatijajar anu paling ngahudang kapanasaran kuring. Ari anu jadi sabab numutkeun keterangan ti sawatara jelema anu papanggih—éta guha téh aya patula-patali jeung dongéng Lutung Kasarung, dongéng anu salila ieu ku kuring dianggap ngan ukur aya di wewengkon Pasundan.

            Harita poé salasa, kurang leuwih jam 9 isuk-isuk—kalawan numpak motor—kuring jeung babaturan indit ngajugjug ka lokasi éta guha. Obyék wisata Guha Jatijajar ayana di beulah kulon Kabupaten Kebumen, perenahna aya di Kacamatan Ayah. Pikeun nepi di éta lokasi, kuring ngajalankeun motor kalawan nuturkeun jalan utama jalur kidul Pulo Jawa, kira-kira méakeun waktu kurang-leuwih dua jam di perjalanan. Memang rumasa, kuring ngajalankeun motor téh rada nyalsé, ngahaja kitu téh, sabab mun gancang-gancang dijalan téh balukarna sok tara pati éces dina ingetan—naon waé anu geus kasorang.

            Pikeun nepi di lokasi, ti puseur dayeuh Kebumen kuring (jeung babaturan) nyorang sawatara kacamatan, di antarana Kacamatan Karanganyar jeung Kacamatan Gombong. Tah, nya ti Kacamatan Gombong ieu kuring méngkolkeun motor ka beulah kénca nuturkeun jalan alternatip anu tuluyna ka Yogyakarta, tuluy satutas kurang-leuwih sakilo ti péngkolan tadi, kuring manggih deui pertélon deukeut kantor polsek, ti dinya kuring méngkolkeun motor deui, ayeuna mah ka beulah katuhu. Kaayaan jalan anu kasorang bisa disebut heureut, untungna jalanna lemes. Nyorang kaayaan jalan sarupa kitu ras inget ka jalan anu nyambungkeun lembur kuring (Bungbulang) jeung puseur dayeuh Garut, teu jauh béda pungkal-péngkol jeung nanjak-mudunna mah, ngan bédanna téh jalan ka lembur kuring mah loba garékgokna, sedengkeun jalan anu harita disorang mah mulus jeung karasa ngageleser. Dosa teu nya mun harita kuring ngarasa sirik? ^_^
Satutas kurang-leuwih nyorang jalan 20 km ti simpangan Gombong tadi, tungtungna kuring bisa nepi ka tempat anu dituju.

          Satutas markirkeun motor di salasahiji tempat parkir anu dikokolakeun ku saurang warga (mayar Rp.3000,-), tuluy kuring muru lawang asup komplek Guha Jatijajar. Kalawan mayar karcis Rp.15.000,- pikeun duaaneun, kuring bisa lugina asup ka éta komplek guha. Kaayaan di éta patempatan harita rada tiiseun, maklum kuring datang lain dina usum libur. Pikeun ngajugjug sungut Guha Jatijajar, harita kuring leumpang heula sababaraha ratus méter, ngaliwatan jalan nanjak jeung anak tangga anu di kénca-katuhuna ngajajar warung ténda anu ngajual rupa-rupa kadaharan. Kasaksian ogé harita barudak anu keur ngarojay dina bendungan wahangan anu caina bijil tina sungut patung dinosurus. Sabenerna di éta komplék guha téh, salian ti Guha jatijajar anu popilér aya sababraha guha deui anu ngaranna kurang popilér. Harita kuring boga niat hayang ningali hiji guha anu perenahna saacan Guha Jatijajar, teuing guha naon ngaranna mah poho deui, saléngkah-saléngkah kuring nété anak tangga—lalaunan elak-elakan guha katémbong, beuki luhur naék beuki lega bagéan-bagéan guha anu katémbong, na ari barang rék nepi ka tungtung anak tangga bréh téh aya budak ngora sajodo keur bobogohan diuk pagégéyé bari nyanghareup ka jero guha. Jongjon teu nyadar kana kadatangan kuring. Kuring jeung babaturang papelong-pelong nahan piseurieun. Satutas sawatara jongjongan lalajo, kuring jeung babaturan balik deui ka handap rék neruskeun  muru Guha Jatijajar, bari sajajalan seseurian ku polah barudak di guha tadi.

           Ti tempat tadi kuring nuluykeun leumpang deui, satutas ngaliwatan gapura nu ngadeg di tungtung anak tangga, tungtungna kuring bisa nénjo sungut Guha Jatijajar. Ti ieu tempat sabenerna kuring sempet méngkol ka kénca tuluy leumpang nanjak ka tonggohna, tah di beulah tonggoh éta singhoréng téh aya guha deui, nu ngaranna Guha Inten, ngan ku lantaran di ieu guha masih canéom tur euweuh batur—dina sungutna waé geus remeng-remeng komo dina beuteungna meureun—tungtungna kuring balik deui ka handap muru lawang Guha Jatijajar.

Satepina di lawang Guha Jatijajar, katémbong jelas bédana antara ieu guha jeung Guha Inten. Sangkan reugreug pikeun anu daratang, ieu guha téh dilengkepan ku lampu listrik, cukang, dasar guha nu geus dipaving, jeung tangga-tangga nu kénca-katuhuna dilengkepan ku panyekelan. Dina ieu lawang guha ogé loba tukang potrét lokal anu siap ngabadikeun mangsa mitembeyan lalampahan wisatawan nyorang beuteung bumi.

Satutas nyorang cukang pameuntasan, kuring nepi di hiji rohangan anu kawilang lega. Minangka pangjéntré yén ieu guha geus diropéa ku leungeun jelema, di ieu rohangan nyampak sawatara bangku jeung méja buleud. Nya di rohangan ieu ogé mimiti katémbong aya ornamén-ornamén tina carita cerita Lutung Kasarung. Pikeun sawatara urang nu mikacinta orisinalitas mah matak lebar cenah éta pangropéa-pangropéa téh.

Meureun di antara nu maca aya nu panasaran naha carita lutung kasarung anu kagambar dina éta ornamén-ornamén téh saluyu jeung carita lutung kasarung anu dipercaya ku masarakat Sunda? Ari nu katangén ku kuring tina éta ornamén mah, dilengkepan ku carita ti masarakat anu dumuk di sabudeureun éta guha caritana téh rada béda. Upamana waé tokoh lutung kasarung numutkeun kapercayaan masarakat Sunda mah—nyaéta Guruminda anakana Sunan Ambu nu dumuk di kahyangan, sedengkeun numutkeun nu kagambar dina éta Guha mah lutung kasarung téh samaran Kamandaka, anakna Prabu Siliwangi ti Pajajaran; numutkeun dongéng Sunda—carita lutung kasarung téh latar tempatna di karajaan Pasirbatang, sedengkeun numutkeun anu kagambar tina ornamén di Guha Jatijajar mah latar tampat carita lutung kasarung téh di Kadipatén Pasirluhur, wewengkon Banyumas kiwari; Tokoh protagonis awéwé dina dongéng lutung kasarung urang Sunda—ngaranna Purbasari, sedengkeun di Jatijajar mah ngaranna téh Déwi Ciptarasa, salian ti éta loba kénéh perbédaan séjén nu katingali tina éta ornamén misalana waé dicaritakeun yén Kamandaka resep ngadu hayam, jeung hayamna téh can pernah kasoran. Lamun diinget-inget, dina dongéng lutung kasarung di urang mah teu kacaritakeun Guruminda atawa Lutung Kasarung resep ngadu hayam, aya ogé nu kacaritakeun ngadu hayam mah Ciung Wanara. Tapi sok sanajan kitu aya rasa reueus anu meleték dina haté kuring harita, tétéla geuning karuhun Sunda téh, Prabu Siliwangi kawentar lain di Propinsi Jawa Barat jeung Banten wungkul, tapi jauh nepi ka Jawa Tengah, sacara tersirat éta diorama-diorama ngaku yén éta wewengkon asup ka Pajajaran, malahan numutkeun sawatara masarakat mah Pajajaran téh watesna di walungan Luk Ulo nu ngaliwatan puseur dayeuh Kebumen. Di tingali tina peta mah ampir tengahna Pulo Jawa.

Salian ti oranmén-ornamén carita Lutung Kasarung, siga di guha-guha umumna, di Guha Jatijajar gé loba stalagtit jeung stalagmit yang nu ngagayot jeung tingpecenghul ti lalangit jeung dasar guha. Sajaba ti éta, di Guha Jatijajar ogé nyampak tujuh leuwi atawa sendang, ngan anu kapanggih ku kuring mah harita ngan ukur dua, nyaéta Sendang Mawar jeung Sendang Kantil. Nu matak kataji ti éta dua sendang téh nyaéta cenah éta sendang téh ngabogaan hasiat séwang-séwangan; Sendang Mawar matak awét ngora lamun dipaké sibeungeut; sedengkeun Sendang Kantil aya nu mercaya bisa dipaké saréat sangkan cita-cita gampang tinekanan ku cara caina dipaké sibeungeut. Nalika kuring ngaliwat ka éta dua sendang, katémbong aya sawatara urang anu keur sibeungeut. Kabeneran beungeut keur asa jegang, nya teu hararésé kuring ogé ngumbah beungeut di dinya, itung-itung miceun bareged, sukur-sukur mun pas kaluar ti éta guha raray kuring jadi ngora siga raray  Aliando haha ....

Sawatara méter ti Sendang Kantil katémbong aya tangga paragi kaluar ti jero guha, ngabéjaan yén ngan sakitu panjang guha téh. Di sabudeureun ieu tempat kaluar ti guha ogé loba tukang poto lokal deui, nu nyayagikeun jasa poto kalawan dipapaés ku properti-properti hirup nu matak ngahudang rasa panasaran, kayaning oray sanca jeung gudug-gudug, atawa bueuk.

 Satutas motrét sawatara kali, kuring nuluykeun leumpang, niat rék muru kalur ti éta komplék guha. Di satengahing jalan, dina hiji simpangan kuring mengkol ka kénca, ngaliwatan pasar seni. Di ieu pasar, kuring ningali loba hasil karajinan masarakat nu dumuk di sabudeureun éta guha, kayaning rupa-rupa gantungan konci, alat-alat musik tradisional, jeung rupa-rupa prabot gagarabah.
Sabenerna kuring hayang meuli kendi anu wangunna siga téko, anu cenah alus keur kaséhatan. Ngan kuring geus pésen tiheula ka kolotna babaturan nu jualan di pasar Kebumén, nya antukna mah—keur oléh-oléh—kuring ngan ukur meuli sababaraha hiji gantungan konci anu harga hijinna ngan dua rébu rupia.

Sakitu lalampahan kuring ulin ka Guha Jatijajar, sabenerna aya rasa hanjelu. Ari nu jadi lantaran, satutas balik ti éta guha kuring panasaran muka mang google, singhoréng cenah mun terus maju 4 kilo ti Jatijajar—mangka urang bakal manggih deui guha anu teu éléh popilér tapi masih alami, ngaranna Guha Pétruk! Ahh hanjakal …. Keun baé lah sampeureun isuk deui!

Friday, April 18, 2014

Juragan Hajat

Yasana: Kang Ibing

Nyi Icih keur moé-moékeun seuseuhan. Jang Kéméd rék indit ngabéca
Jang Kéméd       : “Icih, aing rék ngabéca. Bisi aya nu nanyakeun, béjakeun keur dines. Kadé ati-ati di imah ....!”
Nyi Icih                 : “Heueuh jung .... Kadé balikna tong beurang teuing. Aing butuh duit!”
Jang Kéméd       : “Heueuh. Geus meunang duit mah aing gé balik. Kumaha milik wé.”
Nyi Icih                 : “Lain kumaha milik ... kumaha milik! Ulah jiga kamari, balik teu mawa duit sapérak-pérak acan. Lieur aing mah ....!
Jang Kéméd       : “Heueuh da kamari mah muatanana gé euweuh! Ti isuk jedur aing nungguan muatan, euweuh saurang-urang acan. Aya éta gé saurang, teu ditarik ku aing mah. Jelema teu gableg pikiran. Teu kira-kira tuda, ngan ukur rék méré 20 rébu!”
Nyi Icih                 : “Euleuh-euleuh 20 rébu teu ditarik? Na sia téh olo-olo teuing!
Jang Kéméd       : “Lain olo-olo! Da jauh deuleu ... ka Surabaya! Bisa waé ku aing ditarik, ngan balik ngabéca—bisa-bisa suku aing tinggal sajeungkal ....!”
Nyi Icih                 : “Dasar jelema weureu sia mah. Diajak nyarita sabener-bener—kalah ngacapruk ka mana waé. Ieuh, lain heureuy Kéméd ... aing mah nyaan butuh duit!”
Jang Kéméd       : “Beu ... teu kaharti aing mah. Ti mimiti ku aing dikawin, nepi ka ayeuna, anger wé sia mah butuh ku duit. Dasar teu insap-insap!”
Nyi Icih                 : “Aéh-aéh éta si jurig! Ieuh Kéméd! Aing mah ménta duit téh keur mayar hutang. Da sia mah teu nyaho, nu nagih hutang mani rabul. Éra deuleu!”
Jang Kéméd       : “Ah, naha maké éra. Alus deuleu jelema loba hutang mah, cirina loba nu mercaya!”
Nyi Icih                 : “ Nyao ah! Dasar sia mah jelema teu boga kaéra. Kandel kulit beungeut!
Jang Kéméd       : “Alus gé kandel kulit beungeut. Tibatan kulit beungeut ipis ... disibeungeutan dua kali gé béak beungeut aing, tinggal rorongkong ....!
Nyi Icih                 : “Emhh, tobat aing mah ....!
Jang Kéméd       : “Aing nu tobat mah. Kakara gé rék indit nambangan, geus riweuh ku urusan nu nagih hutang ....”
Nyi Icih                 : “Ari embung ditagih mah—naha atuh sia sok unjak-anjuk?”
Jang Kéméd       : “Da aing mah nganjuk sotéh bakat ku butuh deuleu, lain hayang ditagih. Kabina-bina teuing jelema téh. Jaba nganjukeun jaba nagih. Teu gableg kaéra ....”
Nyi Icih                 : “Aéh-aéh ... sia téh lieur, Kéméd?”
Jang Kéméd       : “Atuda enya, asa kabina-bina teuing aing mah. Unggal rék indit ngabéca, kudu wé ribut heula soal hutang. Jadi lieur aing mah. Saha waé nu nagih hutang téh Icih?”
Nyi Icih                 : “Loba! Si Ocim, Kang Rustam, Aki Oji, Ceu Kénoh. Malah Aki Oji mah ngabring jeung anak-incuna nagihna téh ... da ku sia dianjukan kabéh!”
Jang Kéméd       : “Emh! Geus kieu wéh icih: sakur nu nagih datangan ku sia. Béjaan kabéh ... isuk pabeubeurang ... didagoan ku aing di dieu!”
Nyi Icih                 : “Tah kitu atuh. Éta ngarana lalaki tanggung jawab. Jadi, isukan rék dibayar kabéh, nyah?”
Jang Kéméd       : “Lain! Aing rék ngamuk! Saksian ku sia, aing rék berjuang dirempug nu nagih. Tempo ké hasilna: naha aing nu gugur atawa nu nagih nu ngagolér.”
Nyi Icih                 : “aéh-aéh kalah ngacapruk! Cik atuh da sia téh lalaki, Kéméd. Mikir atuh ... usaha!”
Jang Kéméd       : “Heueuh ieu gé kapan aing rék usaha. Rék ngabéca! Ngan ku sia diajak paséa.”
Nyi Icih                 : “Maksud aing mah néangan usaha séjén. Ulah ngandelkeun tina ngabéca wungkul. Kana naon wé. Kawas batur mélaan anak-pamajikan téh—nepi ka tohtohan banting tulang!”
Jang Kéméd       : “Oh ... jadi aing téh kudu banting tulang? Heug! Kumpulkeun ku sia tulang-tulang sing loba. Ku aing rék diabanting-banting. Saksian ku sia, ngarah kadeuleu enya-enya yén aing banting tulang!”
Nyi Icih                 : “Gandéng jurig ...! Ari sia rék iraha balégna jadi jelema téh?”
Jang Kéméd       : “Atuda lieur aing mah!”
Nyi Icih                 : “aing nu lieur mah. Bigung kumaha mayaran hutang!”
Jang Kéméd       : “Lah, naha maké bingung-bingung teuing. Soal mayar hutang mah teu kudu jadi pikiran. Tuh Si Omod, tatangga urang. Kamari manéhna kakara ngajual motor, payu opat juta satengah.”
Nyi Icih                 : “Terus kumaha?”
Jang Kéméd       : “Na, maké kumaha? Antep wé, motor ... motor manéhna. Dijual ku manéhna. Rék naon urang kudu pipilueun? Éra deuleu ... sing mikir atuh ....!”
Nyi Icih                 : “Emhh ... tobat Gusti ... batur gé seueur nu gaduh salaki ka tukang béca, tapi da teu aya nu wureu siga salaki abdi. Mugi-mugi abdi dipasihan kakiatan!”
Jang Kéméd       : “Geus Icih ... aing rék nambangan!”
Nyi Icih                 : “Jung waé sia ah!”

Jang Kéméd ngaléos, Nyi Icih ngaheruk ngomong sorangan
Nyi Icih                 : “Emh ... kieu rasana ari jadi jelema leutik. Diudag-udag kasusah. Cik atuh parapamingpin sing enyaan mélaan rakyat leutik téh. Ulah paribasana wé mélaan rakyat leutik, ari nu sarenang nu di luhur wungkul ....”

Jang Kéméd asup deui
Jang Kéméd       : “Icih! Enyaan ieu mah dodoja téh, lamun kurang-kurangna kuat iman mah—aing téh bisa gélo ngadadak.”
Nyi Icih                 :  “Aya naon ... cenah rék ngabéca?”
Jang Kéméd       : “Ngabéca ... ngabéca bebengok manéh! Rék kumaha aing ngabéca ... sadel bécana euweuh! Aya nu ngalaan. Saha mahlukna nu teu gableg rarasaan téh nya!”
Nyi Icih                 : “Si Uju nu ngabongkar sadel béca mah!”
Jang Kéméd       : “Si Uju?”
Nyi Icih                 : “Enya. Dititah ku aing!”
Jang Kéméd       : “Astagpirullah .... Emh tobaaat Gusti ... batur gé seueur nu gaduh bojo, tapi da teu aya nu weureu siga pun bojo. Mugi-mugi abdi dipasihan kakiatan. Ari sia éling henteu Icih ... nanaonan nitah ngalaan sadel béca ... dikamanakeun ayeuna sadelna?!”
Nyi Icih                 : “Ah, da aing mah kapépéd. Butuh duit. Dijual ka tukang loak—genep rébu! Si Uju ku aing dibéré sarébu.”
Jang Kéméd       : “Emh ... tobaaat déwa! Cik atuh Icih ... kabina-bina teuing sia téh ....!”
Nyi Icih                 : “Lain kabina-bina teuing. Na sia teu nyaho—aing butuh duit keur bayaran sakola budak! Aing narima surat ti sakolana—Si Otong téh geus tilu bulan can bayaran.”
Jang Kéméd       : “Heueuh ulah ngagugu teuing kahayang ti sakolan atuh! Ieuh, budak sakola téh capé. Ti imah kudu leumpang, datang ka sakola kudu diajar, kudu ngapalkeun, kudu ujian. Geus sakitu capéna téh hayoh deuih kudu mayar. Kuduna mah dibébaskeun barudak téh tina biaya pendidikan, ari hayang maju mah!”
Nyi Icih                 : “Nyao ah!”
Jang Kéméd       : “Atuda enyaan. Kahayang téh urusan bayaran sakola budak mah teu kudu nepi ka ngajual sadel. Cik atuh da sia téh kolot. Sing bijaksana ...!”
Nyi Icih                 : “Bijaksana ... bijaksana nanahaon! Ari teu bayaran mah—Si Otong bisa dieureunkeun ti sakolana deuleu!”
Jang Kéméd       : “Heueuh ... matak naon si datang ka sakola Si Otong. Ngadep ka guruna! Pok nyarita ‘Bapa ... kana sagala pelajaran anu tos dipasihkeun ka pun anak—abdi ngahaturkeun rébu nuhun. Abdi mah moal tiasa males budi ku bayaran sakola. Anging Gusti nu tiasa ngawales mah ....!”
Nyi Icih                 : “Emh nu burung .... Ieuh jurig! Ari sakira-kirana embung tanggung jawab mah—naha atuh sia téh bet boga budak?”
Jang Kéméd       : “Haaar ... soal budak mah lain salah aing! Aing mah lalaki!”
Nyi Icih                 : “Euleuh ... euleuh .... Jadi salah aing nyah?!”
Jang Kéméd       : “Nya heueuh! Boga budak mah salah awéwé deuleu! Tempo wé asal-usul budak. Kapan asalna mah ti sia. Aing mah lalaki ... ngan sakadar usul.”
Nyi Icih                 : “Nyao ah!”
Jang Kéméd       : “Atuda kesel aing mah. Geus atuh kira-kira teu kabiayaan mah sina eureun heula sakolana—budak téh. Ké geus boga duit—sina sakola deui.”
Nyi Icih                 : “Weueueuh ... diengké-engké mah kaburu kolot teuing budakna gé. Meungpeung ngora deuleu sakola mah. Geus kaburu kolot mah boro-boro bisa diajar.”
Jang Kéméd       : “Ah teu kitu ... soal nungtut élmu mah teu diwatesanan ku umur deuleu. Ari sumangetna gedé mah—kajeun geus kolot gé bisa waé. Tuh buktina Abah Uca. Umur geus 70 taun. Ari sumangetna ngedur kénéh mah ... teu burung wé ... boga budak.”
Nyi Icih                 : “Eéh ... aéh .... Sugan lain jelema sia mah, jurig!”
Jang Kéméd       : “Is ... teu bisa, Icih! Di mana aya jurig ngabéca ....!”
Nyi Icih                 : “Gandéng Kéméd! Ieuh maksud aing mah ... peupeuriheun aing teu bisa maca ...  buta héjo ....”
Jang Kéméd       : “Lain buta héjo ... buta hurup kituh!”
Nyi Icih                 : “Heueuh éta maksud aing gé buta hurup! Cik atuh ... anak mah hayang sakola. Mun bisa mah kawas anak batur ... nepi ka lulus ... nepi ka boga ijabah ....!”
Jang Kéméd       : “Lain ijabah atuh ... ijasah!”
Nyi Icih                 : “Lah, sarua wé nyabutna mah. Rék ijabah rék ijasah, éta mah kumaha kaiklasan urang.”
Jang Kéméd       : “Nya ... da sia nu ngacapruk mah lain aing ....!”
Nyi Icih                 : “Keuheul atuda aing mah. Komo lamun kawas batur nyakolakeun budak téh nepi ka sakola luhur. Nepi ka jadi sujana.”
Jang Kéméd       : “Eleuh ... euleuh éta Si Icih ....”
Nyi Icih                 : “Keuheul aing mah ... geus siah Kéméd indit! Indit siah! Ngabéca!”
Jang Kéméd       : “Éta ku keukeuh ... abdi mah teu ngartos. Ari émutan Icih téh kumaha? Badé ngabéca kumaha atuh ... kapanan sadel bécana ogé parantos diical ku bebengok salira.”
Nyi Icih                 : “Atuh teu janten masalah, Kang ... sadel béca teu aya mah gentos waé ku jojodog.”
Jang Kéméd       : “Éta émutan dugikeun ka dinya. Ngabéca nganggé jojodog? Kacipta meureun ... kayungyun ... abdi disarebat nu gélo ku batur ... tukang béca gélo.”
Nyi Icah                : “Atuh kumaha Kang upami anu diical téh ulah sadel bécana wungkul ... sakantenan wé sareng bécana. Margi abdi butuh kanggo mayar hutang tilas sia.”
Jang Kéméd       : “Tiasa waé, namung upami bécana teu aya—naha abdi kedah narik penumpang nganggé naon? Naha kedah di gagandong? Kinten-kintena Ayi Icih téga neuleu aing ngagagandong penumpang ka ditu ka dieu?”
Nyi Icih                 : “Gandéng siah Kéméd. Kacida boga salaki téh. Dasar sia mah jelema atah adol ... keur beungeut siga panakol bedug téh ....”
Jang Kéméd       : “Éééh ... éta beungeut salaki disaruakeun jeung panakol bedug.”
Nyi Icih                 : “Da enya siah ....!”
Jang Kéméd       : “Heug ... tapi inget icih, lamun beungeut aing siga panakol bedug—sia bedugna. Atuh mun kitu mah Si Otong téh hasil ngadulag?”
Nyi Icih                 : “Sia ngomong téh ka mana waé .... Ieuh, nyaho aing téh keur susah!”
Jang Kéméd       : “Heueuh montong mikiran waé kasusah. Bangblaskeun! Sing janglar! Tuh kawas babaturan aing, Si Sahro. Sangsarana leuwih ti urang. Budak reuay salima-lima. Hutang saabreg-abreg. Tapi jelemana teu nguluwut. Gumbira wé ka ditu ka dieu ogé teu weléh seuri. Nyaho nyaho maot wéh TBC.”
Nyi Icih                 : “Astagpirullahaladim ... ieuh, pangpangna anu jadi pikiran aing téh Si Otong. Lamunnepikeun ka Si Otong dieureunkeun sakolana, rék kumaha budak téh ka hareupna!”
....................................................................................................

Friday, April 11, 2014

Naskah Drama Juragan Hajat

Yasana : Kang Ibing