Basa Sunda | Bahasa Indonesia
Ieu pangalalaman téh sabenerna mah geus liwat ti sawawatara
bulan ka tukang. harita téh bulan Agustus 2015 kuring meunang kasempetan pikeun
anu mimiti kaluar ti Tanah Pasundan. Aslina pangalaman anu mimiti ieu téh,
salila ieu lalampahan kuring teu jauh ti Garut-Bandung, paling jauh nya ka
Dépok. Kungsi kétang éta ogé dina taun 2007 ulin ka Desa Kanékés di Banten,
tapi pan éta masih di wewengkon Pasundan kabéh--anu budayana masih kénéh bisa
dipikawanoh ku kuring minangka urang Sunda. Mémang dina lebah lalampahan téh
kuring rumasa kurung batok hehe ….
Kasempetan kuring mimiti kaluar ti Tanah Pasundan téh bareng
jeung mangsa cuti babaturan kuring anu asli Kebumen. Asa rék meuntas dipapag
cukang; lir ibarat monyét rék naék dibéré tarajé, keur mah eukeur kuring téh
geus lila hayang nyaho wewengkon Wétan (Jawa) kari-kari ayeuna aya nu ngajak,
nya tangtu waé kuring teu bisa nampik
kana éta tawaran. Di tambah deuih harita téh asa lalugina dina waktu, sabab
harita kuring karék eureun tina gawé alatan bedona KurTiLas téa.
Indit ti Bandung poé Jumaah, 07 Agustus 2015 numpak Kareta
Api Kutojoyo Selatan ti Stasiun Kiaracondong. Basa karéta mimiti
ngageuleuyeung, jam dina telepon keupeul nuduhkeun angka 21.00, nya geus tangtu
peuting. Dina waktu sarupa kitu kuring teu bisa nyaksian kalawan écés kaayaan
patempatan-patempatan anu kasorang—iwal ti remeng-remeng lampu pasisian kota
jeung stasiun-stasiun anu kasorang. Nu nambahan sué, kuring mah teu biasa jeung
teu bisa saré nalika numpak kandaraan, akibatna, poé isukna kuring nundutan
sapoé jeput.
Karéta nu ditumpakan ku kuring nepi di statsion Kebumen dina
pukul 4.02 subuh, tuluy—kalawan numpak kandaraan anu kawilang ahéng, nyaéta
béca motor—kuring jeung babaturan nuluykeun lalampahan ka imah babaturan anu
perenahna teu jauh ti Tugu Lawét, kurang leuwih lima menit di jalanna.
Waktu masih kénéh subuh, tapi kolotna babaturan kuring geus
harudang, sajaba ti geus deukeut kana waktu salat, ogé alatan dina éta
subuh—anakna balik ti panyabaan. Kolotna babaturan ngabagéakeun kalawan soméah,
kitu ogé sakumna dulur-dulur anu darumuk di sabudeureun imahna.
Dina sajeroning saminggu di ieu kota anu boga jujuluk Kota
Lawét(walét) lumayan loba pengalaman anu bisa katangkep ku pancadria kuring,
kayaning lalajo pagelaran wayang kulit Ki Enthus Susmono dina raraga purnatugas
Bupati Kebumen, mun teu salah mah Buyar Winarso—di alun-alun Kebumen, nyaksian
kumaha cara nyieun saringan paragi nyortir siki ganitri anu kiwari mingkin
popilér, nyaksian anu nyieun iimahan nu biasa dipaké dina ranggeuyan upacara
kapatian warga katurunan Cina, ulin ka Basisir Setrojenar atawa anu leuwih
popilér ku sebutan Pantai Bocor, jeung ulin ka Guha Jatijajar.
Di antara éta pirang-pirang pangalama, nya Guha Jatijajar
anu paling ngahudang kapanasaran kuring. Ari anu jadi sabab numutkeun
keterangan ti sawatara jelema anu papanggih—éta guha téh aya patula-patali
jeung dongéng Lutung Kasarung, dongéng anu salila ieu ku kuring dianggap ngan
ukur aya di wewengkon Pasundan.
Harita poé
salasa, kurang leuwih jam 9 isuk-isuk—kalawan numpak motor—kuring jeung
babaturan indit ngajugjug ka lokasi éta guha. Obyék wisata Guha Jatijajar ayana
di beulah kulon Kabupaten Kebumen, perenahna aya di Kacamatan Ayah. Pikeun nepi
di éta lokasi, kuring ngajalankeun motor kalawan nuturkeun jalan utama jalur
kidul Pulo Jawa, kira-kira méakeun waktu kurang-leuwih dua jam di perjalanan.
Memang rumasa, kuring ngajalankeun motor téh rada nyalsé, ngahaja kitu téh,
sabab mun gancang-gancang dijalan téh balukarna sok tara pati éces dina
ingetan—naon waé anu geus kasorang.
Pikeun
nepi di lokasi, ti puseur dayeuh Kebumen kuring (jeung babaturan) nyorang
sawatara kacamatan, di antarana Kacamatan Karanganyar jeung Kacamatan Gombong.
Tah, nya ti Kacamatan Gombong ieu kuring méngkolkeun motor ka beulah kénca
nuturkeun jalan alternatip anu tuluyna ka Yogyakarta, tuluy satutas
kurang-leuwih sakilo ti péngkolan tadi, kuring manggih deui pertélon deukeut
kantor polsek, ti dinya kuring méngkolkeun motor deui, ayeuna mah ka beulah katuhu.
Kaayaan jalan anu kasorang bisa disebut heureut, untungna jalanna lemes.
Nyorang kaayaan jalan sarupa kitu ras inget ka jalan anu nyambungkeun lembur
kuring (Bungbulang) jeung puseur dayeuh Garut, teu jauh béda pungkal-péngkol
jeung nanjak-mudunna mah, ngan bédanna téh jalan ka lembur kuring mah loba
garékgokna, sedengkeun jalan anu harita disorang mah mulus jeung karasa
ngageleser. Dosa teu nya mun harita kuring ngarasa sirik? ^_^
Satutas kurang-leuwih nyorang jalan 20 km ti simpangan
Gombong tadi, tungtungna kuring bisa nepi ka tempat anu dituju.
Satutas
markirkeun motor di salasahiji tempat parkir anu dikokolakeun ku saurang warga
(mayar Rp.3000,-), tuluy kuring muru lawang asup komplek Guha Jatijajar.
Kalawan mayar karcis Rp.15.000,- pikeun duaaneun, kuring bisa lugina asup ka
éta komplek guha. Kaayaan di éta patempatan harita rada tiiseun, maklum kuring
datang lain dina usum libur. Pikeun ngajugjug sungut Guha Jatijajar, harita
kuring leumpang heula sababaraha ratus méter, ngaliwatan jalan nanjak jeung
anak tangga anu di kénca-katuhuna ngajajar warung ténda anu ngajual rupa-rupa
kadaharan. Kasaksian ogé harita barudak anu keur ngarojay dina bendungan
wahangan anu caina bijil tina sungut patung dinosurus. Sabenerna di éta komplék
guha téh, salian ti Guha jatijajar anu popilér aya sababraha guha deui anu
ngaranna kurang popilér. Harita kuring boga niat hayang ningali hiji guha anu
perenahna saacan Guha Jatijajar, teuing guha naon ngaranna mah poho deui,
saléngkah-saléngkah kuring nété anak tangga—lalaunan elak-elakan guha
katémbong, beuki luhur naék beuki lega bagéan-bagéan guha anu katémbong, na ari
barang rék nepi ka tungtung anak tangga bréh téh aya budak ngora sajodo keur
bobogohan diuk pagégéyé bari nyanghareup ka jero guha. Jongjon teu nyadar kana
kadatangan kuring. Kuring jeung babaturang papelong-pelong nahan piseurieun.
Satutas sawatara jongjongan lalajo, kuring jeung babaturan balik deui ka handap
rék neruskeun muru Guha Jatijajar, bari
sajajalan seseurian ku polah barudak di guha tadi.
Ti tempat
tadi kuring nuluykeun leumpang deui, satutas ngaliwatan gapura nu ngadeg di
tungtung anak tangga, tungtungna kuring bisa nénjo sungut Guha Jatijajar. Ti
ieu tempat sabenerna kuring sempet méngkol ka kénca tuluy leumpang nanjak ka
tonggohna, tah di beulah tonggoh éta singhoréng téh aya guha deui, nu ngaranna
Guha Inten, ngan ku lantaran di ieu guha masih canéom tur euweuh batur—dina
sungutna waé geus remeng-remeng komo dina beuteungna meureun—tungtungna kuring
balik deui ka handap muru lawang Guha Jatijajar.
Satepina di lawang Guha Jatijajar, katémbong jelas bédana
antara ieu guha jeung Guha Inten. Sangkan reugreug pikeun anu daratang, ieu
guha téh dilengkepan ku lampu listrik, cukang, dasar guha nu geus dipaving,
jeung tangga-tangga nu kénca-katuhuna dilengkepan ku panyekelan. Dina ieu
lawang guha ogé loba tukang potrét lokal anu siap ngabadikeun mangsa mitembeyan
lalampahan wisatawan nyorang beuteung bumi.
Satutas nyorang cukang pameuntasan, kuring nepi di hiji
rohangan anu kawilang lega. Minangka pangjéntré yén ieu guha geus diropéa ku
leungeun jelema, di ieu rohangan nyampak sawatara bangku jeung méja buleud. Nya
di rohangan ieu ogé mimiti katémbong aya ornamén-ornamén tina carita cerita
Lutung Kasarung. Pikeun sawatara urang nu mikacinta orisinalitas mah matak
lebar cenah éta pangropéa-pangropéa téh.
Meureun di antara nu maca aya nu panasaran naha carita
lutung kasarung anu kagambar dina éta ornamén-ornamén téh saluyu jeung carita
lutung kasarung anu dipercaya ku masarakat Sunda? Ari nu katangén ku kuring
tina éta ornamén mah, dilengkepan ku carita ti masarakat anu dumuk di
sabudeureun éta guha caritana téh rada béda. Upamana waé tokoh lutung kasarung
numutkeun kapercayaan masarakat Sunda mah—nyaéta Guruminda anakana Sunan Ambu
nu dumuk di kahyangan, sedengkeun numutkeun nu kagambar dina éta Guha mah
lutung kasarung téh samaran Kamandaka, anakna Prabu Siliwangi ti Pajajaran;
numutkeun dongéng Sunda—carita lutung kasarung téh latar tempatna di karajaan
Pasirbatang, sedengkeun numutkeun anu kagambar tina ornamén di Guha Jatijajar
mah latar tampat carita lutung kasarung téh di Kadipatén Pasirluhur, wewengkon
Banyumas kiwari; Tokoh protagonis awéwé dina dongéng lutung kasarung urang
Sunda—ngaranna Purbasari, sedengkeun di Jatijajar mah ngaranna téh Déwi
Ciptarasa, salian ti éta loba kénéh perbédaan séjén nu katingali tina éta
ornamén misalana waé dicaritakeun yén Kamandaka resep ngadu hayam, jeung
hayamna téh can pernah kasoran. Lamun diinget-inget, dina dongéng lutung
kasarung di urang mah teu kacaritakeun Guruminda atawa Lutung Kasarung resep
ngadu hayam, aya ogé nu kacaritakeun ngadu hayam mah Ciung Wanara. Tapi sok
sanajan kitu aya rasa reueus anu meleték dina haté kuring harita, tétéla
geuning karuhun Sunda téh, Prabu Siliwangi kawentar lain di Propinsi Jawa Barat
jeung Banten wungkul, tapi jauh nepi ka Jawa Tengah, sacara tersirat éta
diorama-diorama ngaku yén éta wewengkon asup ka Pajajaran, malahan numutkeun
sawatara masarakat mah Pajajaran téh watesna di walungan Luk Ulo nu ngaliwatan
puseur dayeuh Kebumen. Di tingali tina peta mah ampir tengahna Pulo Jawa.
Salian ti oranmén-ornamén carita Lutung Kasarung, siga di
guha-guha umumna, di Guha Jatijajar gé loba stalagtit jeung stalagmit yang nu
ngagayot jeung tingpecenghul ti lalangit jeung dasar guha. Sajaba ti éta, di
Guha Jatijajar ogé nyampak tujuh leuwi atawa sendang, ngan anu kapanggih ku
kuring mah harita ngan ukur dua, nyaéta Sendang Mawar jeung Sendang Kantil. Nu
matak kataji ti éta dua sendang téh nyaéta cenah éta sendang téh ngabogaan
hasiat séwang-séwangan; Sendang Mawar matak awét ngora lamun dipaké sibeungeut;
sedengkeun Sendang Kantil aya nu mercaya bisa dipaké saréat sangkan cita-cita
gampang tinekanan ku cara caina dipaké sibeungeut. Nalika kuring ngaliwat ka
éta dua sendang, katémbong aya sawatara urang anu keur sibeungeut. Kabeneran
beungeut keur asa jegang, nya teu hararésé kuring ogé ngumbah beungeut di
dinya, itung-itung miceun bareged, sukur-sukur mun pas kaluar ti éta guha raray
kuring jadi ngora siga raray Aliando haha
....
Sawatara méter ti Sendang Kantil katémbong aya tangga paragi
kaluar ti jero guha, ngabéjaan yén ngan sakitu panjang guha téh. Di sabudeureun
ieu tempat kaluar ti guha ogé loba tukang poto lokal deui, nu nyayagikeun jasa
poto kalawan dipapaés ku properti-properti hirup nu matak ngahudang rasa
panasaran, kayaning oray sanca jeung gudug-gudug, atawa bueuk.
Satutas motrét
sawatara kali, kuring nuluykeun leumpang, niat rék muru kalur ti éta komplék
guha. Di satengahing jalan, dina hiji simpangan kuring mengkol ka kénca,
ngaliwatan pasar seni. Di ieu pasar, kuring ningali loba hasil karajinan
masarakat nu dumuk di sabudeureun éta guha, kayaning rupa-rupa gantungan konci,
alat-alat musik tradisional, jeung rupa-rupa prabot gagarabah.
Sabenerna kuring hayang meuli kendi anu wangunna siga téko,
anu cenah alus keur kaséhatan. Ngan kuring geus pésen tiheula ka kolotna
babaturan nu jualan di pasar Kebumén, nya antukna mah—keur oléh-oléh—kuring
ngan ukur meuli sababaraha hiji gantungan konci anu harga hijinna ngan dua rébu
rupia.
Sakitu lalampahan kuring ulin ka Guha Jatijajar, sabenerna
aya rasa hanjelu. Ari nu jadi lantaran, satutas balik ti éta guha kuring
panasaran muka mang google, singhoréng cenah mun terus maju 4 kilo ti
Jatijajar—mangka urang bakal manggih deui guha anu teu éléh popilér tapi masih
alami, ngaranna Guha Pétruk! Ahh hanjakal …. Keun baé lah sampeureun isuk deui!
No comments:
Post a Comment